Sabtu, 26 April 2014

Kumpulan Sisindiran (Pantun Sunda) Bab PAPATAH

Assalamu a'laikum doeloer.... sudah pernah baca sisindiran kabayan di facebook? atau di tempat lainnya?
berikut ini kabayan sertakan beberapa koleksi sisindiran buat kalian para doeloer2 sunda,dan buat yang kurang faham atau ngga ngerti bahasa sunda silahkan belajar untuk tambah skill berkomunikasi hehe..
buat yang belum tahu apa itu SISINDIRAN silahkan tanya mbah jambrong ato mbah google hehehe...


berikut kabayan kategorikan sisindiran bab #Papatah kenapa papatah? karena isinya lebih mengandung nasehat dan pendidikan orang tua untuk hidup kita.oke langsung saja pruuung ah :

kaleuweung rek melak tomat
dibaturan teh ku sobat
eweuh obat nu mujarab
iwal ti ngajalankeun sholat

kamana jalan ka asia
tuh kaditu ka palih wetan
kamana jalan ka surga
tuh kaditu ka pangaosan

nendeun siwur luhur sumur
nunda batok wadah gula
rejeung dulur kudu akur
ulah osok parasea

beca teh asup ka jurang
gara gara nabrak kapal
saha anu hEunteu wirang
mun maot teu mawa amal

Cai limun dina papan catur
Buah kadu na buruan
Lamun hayang loba batur
Kudu akur jeung babaturan

aya cai dina gelas
di asupkeun kana botol
lamun hayang naek kelas
di ajarna kudu getol

aya huma dekeut situ
geuning nu bogana randa
naha urang sunda teh kitu
alim nyarios ku basa sunda

datang tamu urang madrid
eta malah gudag gidig
tuh tinggaleun sholat magrib
nukitu incuna jurig

datang tamu ti malaysia
pamuda malah ngagaya
tuh tinggaleun sholat isya
nukitu bapana kuya.

datang tamu mawa waluh
ema malah neangan suluh
tuh tinggaleun sholat subuh
nukitu jelma teu puguh

datang tamu tukang kolor
sibapa kalahkah molor
tuh tinggalen sholat lohor
nukitu hatena kotor

Kutu anying jadi supir
tumila jadi wadana
kudu eling kudu mikir
di dunya mah moal lana

Kutu anying jadi supir
kolotna keur nyieun sumur
kudu eling kudu mikir
maot mah teu nempo umur

Aya mobil warna silver
dipake keur ngala pare
Lamun maneh hayang pinter
Ulah loba teuing sare

mun teu bisa kajakarta
ulah indit mawa kuda
mun teu bisa mere harta
ulah pedit ku pang do'a

Batu angkik mata ali
dina peti wadah uang
Wantu abdi sanés ahli
sepi harti kirang luang

Bobor emas dua réal
dilebur leungit saréal
Mun campur jeung jalma royal
manéh tangtu milu royal

Dimana nya melak paré
melak sampeu mah ditegal
Nu migawé lampah hadé
ibarat nu boga modal

Hampelas raraga jati
palataran babaléan
Ihlas raga sareng pati
ngabélaan kasaéan

Hangasa bawa ti gunung
dipipit bawa di rawa
Kasaha nya sumalindung
nitipkeun raga jeung nyawa

Hayam jago eukeur béla
dipeuncitna ku ki santri
Kudu getol ka sakola
sangkan beunghar ku pangarti

Jiga naon lauk enun
matak jadi kahéranan
Mun manéh cucud jeung junun
insya Alloh tinekanan

Ka kulah nyiar kapiting
ngocok lobak bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
osok loba gogodana

Kanikir siki kanikir
cangkudu beunang panimu
Kapikir beuki kapikir
hirup kudu loba élmu

Lauk emas ngakan ganggeng
disamberan ku japati
Boga emas moal langgeng
teu cara boga pangarti

Mawa peti dina sundung
dibawa ka nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
kabisa teu beurat mawa

Méméh ngagelarkeun kasur
samak heula ambéh rinéh
Méméh nyaritakeun batur
tilik heula awak manéh

Nanggap wayang diheulakeun
bodorna Cépot jeung Garéng
Murid nu rajin ngapalkeun
moal meunang peunteun goréng

Ngala lauk meunang selar
bungkusna daun Hangasa
Sakur mahluk nu gumelar
dirahmat ku Nu Kawasa

Nimbang paré deukeut pager
tumpukanana ngajajar
Tinimbang jeung udar-ider
leuwih hadé gé diajar

Ninun boéh pakan muda
ajar suri jeung taropong
Anu paéh taya banda
kantun diri ngajolopong

Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun bisa miara létah
mokaha salamét diri

Pikasureun dijarumat
jarumna harga sasénan
Saluhureun kudu hurmat
sasama kudu ajénan

Pulas batik encit muntah
meulina ti anu kumed
Reungeukeun kami papatah
ulah resep ceceremed

Samping kageutahan dukuh
dikelab dikacaikeun
Nu matak manéh sing kukuh
papatah guru éstokeun

Séréh ti Gunung Koromong
dipelak di kolong sasak
Saméméh manéh pok ngomong
pikir heula masing asak

Susuru opat ngajajar
katinggang ku daun jati
Guguru kapalang ajar
cara kembang burung jadi

Tatangga hajat nyunatan
saréréa milu suka
Diajar ulah béngbatan
bisi kaduhung jagana

ninyuh ubar ku cipati
diwadahan piring gelas
anu sabar éta pasti
ku Allah dipikawelas

ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana sisindiran nana

aya hiji balon rek bitu
sabab kagencet ku buhaya
naha urang sunda teh kitu
mopohokeun kana budaya

Mawa ragi ka Cilutung,
tikukur ngudag saéran.
Boh rugi atawa untung,
kudu sukur ka Pangéran

Ari hayang melak wijén,
ulah deukeut awi gombong.
Ari hayang pada ngajén,
ulah boga sikep sombong.

Jauh-jauh manggul haur,
nu deukeut gé haur kénéh.
Jauh-jauh néang batur,
nu deukeut gé nganggur kénéh.

angsana sisi kuburan,
tangkal kaso tangkal tomat,
bungahna mun geus lebaran,
komo mun puasa tamat

kacisigung ciganea,
cipageran cilamaya,
anu agung aloh tea,
pangeran urang sadaya

mawa menyan ditilaman,
ragaji anu mang usup,
kaimanan kaislaman,
nu jadi patokan hirup

Rek mandi mamawa roda
Ka cai jalan ka leuwi
Lamun ningali pingping randa
Pasti puasana batal deui

si Eros purah gundam,
mawa elap kaluar ti imah,
nu rumaos kaum Adam,
kadé hilap netepan Jum'ah.

kiwaru dijieun papan,,
tangkalna dina wahangan,,
sagala nu karanapan,,
tangtuna bongan sorangan..

ngala supa na kibeulah,
na timana icalan manyarna,
sagala rupa masalah,
pasti aya jalan kaluarna

kabaya samping keur elap,
ngala hui cuang opatan,
baraya teu kénging hilap,
kedap deui urang Jum'atan

néwak careuh ti Pasir Dayeuh,
huluna ulah rék dipotongan,
prakreureuh tina kariweuh,
poma ulah rék kajongjona

meulah jok ulah kugayung.
pa marta dulur kang ruhyat
ulah sok resep adigung.
da harta mah moal dibawa kaakherat.

meser sirup ka ci anjur
meser hurang ka majalaya..
Hirup mah kudu jujur..
Sangkan urang loba baraya.

Melak Leunca Na Pipiti
Aya Simeut Dina Ja'at
Sing Loba Eling Ka Gusti
Bakal Slamet Dunia Akhirat


    Ka kulah nyiar kapiting,
    ngocok endog bobodasna.
    Ulah sok liar ti peuting,
    osok loba gogodana.

ulin mah ka selat sunda
naha atuh jadi nalangsa
kuring teh urang sunda
jadina nyaah kana basa

diluhur aya bandera
bandera gambarna panda
naha kuring kudu era
pan ieu teh basa sunda

itu aya pawang buhaya
pawangna teh urang persia
kudu nyaah kana budaya
bisi dipaling deui ku malaysia

hayang ulin ka gunung gede
di gunung aya buhaya
urang sunda sing harade
sing nyaah kana budaya

ulin ka jalan juanda
sawaktos bulan puasa
mun ngaku urang sunda
tong poho kana basa

Aya jalma leumpang ti peuting
Manehna teh balik nyaba
Urang sunda kudu eling
Tong hirup sakaba-kaba

Tuang sareng beuleum peda
Karaosna enak pisan
Lamun anjeun urang sunda
Sing tiasa sisindiran

Aya nangka dina dahan
Mani alus katempona
Ulah waka bobogohan
Bisi teu lulus sakolana

Tatangga hajat nyunatan
Sarerea milu suka
Diajar ulah bengbatan
Bisi kaduhung jagana

ninyuh ubar ku cipati
diwadahan piring gelas
anu sabar éta pasti
ku Allah dipikawelas


nah sekian dulu doeloer contoh sisindiran bab papatah nya, insyaAlloh kapan2 kabayan tambah kalo ada yang baru. mangga dibaca juga doeloer untuk sisindiran Bab heureuy.

Tidak ada komentar :

Posting Komentar

Untuk yang suka tolong komentarnya yaa,,,
Untuk yang tidak suka tolong komentar juga untuk perbaikan

Trim's